Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, tapi ti isuk mula tacan
manggih nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna
geus asak, tapi kumaha da teu bisa naek. Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja
ka Sakadang Monyet, menta tulung. Omongna “Sakadang Monyet, uing manggih
tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing tulungan
pangalakeun, engke paparon”
“Hade,” tembal Sakadang Monyet. “Di mana?”
Tuluy maranehna arindit babarengan ka tempat tangkal cau tea. Sakadang
Monyet, tuluy naek, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut dihakanan. Sakadang
Kuya mah teu dibere sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak we neureuyan
ciduh.
“Sakadang Monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang
Kuya ngagorowok.
Tapi Sakadang Monyet teu malire, jongjon bae metikan jeung ngadaharan,
kalahkah maledogan ku cangkangna.
Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males.
Dina hiji poe Sakadang Kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus
arasak, warnana bareureum. Ngala genep nu galede, ketembongna bangun aramis
pisan. Manehna indit nepungan Sakadang Monyet. Biwirna dipulas ku pucuk daun
jati supaya beureum, tuluy cupak capek, cuplak ceplak, cara nu geus barang
dahar geunah.
Ditanya ku Sakadang Monyet, “Sakadang Kuya, maneh teh keur ngahadar naon?
Cik uing menta!”
Tembal Sakadang Kuya, “ah, ulah ngaganggu, uing teh keur ngeunah ngadahar
buah loa paparin ti Dewata. Kakara uing mah barang dahar ni’mat kieu.”
“Cing ngasaan saeutik, uing lapar pisan.“ Sakadang Monyet lumah lameh menta
ngarah dipikarunya.
“Keur naon make mere ka maneh, kapan bareto ge maneh teu mere cau ka kami,
padahal eta teh milik kami?”
“Hampura bae atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang
ngasaan buah loa paparin Dewata!” omongna deui lengas lengis.
“Nya ari maksa-maksa teuing mah top bae,tuh cokot deukeut tangkal caringin
itu!” tapi ulah dibeakeun kabeh, sesakeun keur kami saparona.”
Sakadang Monyet pihara atoheunna, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin
Dewata tea. Lantaran tabeatna hawek jeung sarakah manehna embung nyesakeun.
Kabeh dibawa lumpat, di tengah jalan raus raus bae didahar, nepi ka beak. Ari
beak…. Adug lajer, jejeritan awahing ku lada jeung panas.
Sakadang Kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatena
bareto.
Home »
Dongeng Fabel
,
Sakadang Kuya
,
Sakadang Monyet
» Dongeng Fabel Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet
Dongeng Fabel Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet
Rabu, 19 November 2014 | 0 komentar
Related Post
If you enjoyed this article just click here, or subscribe to receive more great content just like it.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar